Sabtu, 29 Maret 2014

Cara Milih Topik jeung Téma pikeun Nulis Karangan

Cara Milih Topik jeung Téma pikeun Nulis Karangan

Kelompok 3, kelas 5B
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI
Abstrak: Cara Milih Topik jeung Téma pikeun Nulis Karangan. Dina nulis topik karangan dibutuhkeun ayana topik jeung téma. Ieu pedaran pikeun ngadadarkeun tiori ngeunaan cara milih topik jeung téma sangkan eusi éta karangan teu kaluar tina kerangka penulisan nu geus dirarancang saméméhna. Data dina ieu pedaran hasil tina kajian pustaka ngeunaan tiori-tiori ti para ahli. Sanggeus dipaluruh katitén yén aya sababaraha cara milih topik jeung téma sarta aya bédana antara topik jeung téma.
Kata Kunci: topik, téma, nulis karangan    
Kasang Tukang
Dina kaparigelan basa aya opat komponén nya éta ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis. Unggal hiji kaparigelan raket patalina jeung tilu kaparigelan anu lianna. Dina nyangking kaparigelan basa, biasana ngaliwatan hiji hubungan anu sistématis. Ti bubudak, kaparigelan anu bisa dicangking téh anu munggaran nya éta ngaregepkeun, tuluy nyarita, sanggeus éta diajar maca jeung nulis. Éta opat kaparigelan basa téh raket patalina jeung prosés-prosés nu jadi dadasar dina basa.
Nulis mangrupa kaparigelan basa nu dipaké pikeun komunikasi sacara teu langsung. Hartina, urang nepikeun informasi dina wangun tulisan. Dina kahirupan anu modern ieu, geus atra yén kaparigelan basa pohara dibutuhkeun pisan. Teu kaleuleuwihi lamun nulis disebut kaparigelan basa anu jadi totondén jalma nu jembar élmu pangaweruh atawa sélér-sumélér nu jembar pangaweruh. Morsey nétélakeun yén
menulis dipergunakan, melaporkan/memberitahukan, dan mempengaruhi; dan maksud serta tujuan seperti itu hanya dapat dicapai dengan baik oleh orang-orang yang dapat menyusun pikirannya dan mengutarakannya dengan jelas, kejelasan ini bergantung pada pikiran, organisasi, pemakaian kata-kata, dan struktur kalimat”.

Ku kituna, sangkan pikiran urang bisa ditepikeun sacara jelas dina tulisan, mangka urang kudu bisa nangtukeun téma. Hal ieu saluyu jeung pamadegan Morsey.

Métode
Ieu bahasan ngagunakeun métode kajian pustaka nya éta data referensi tina sakabéh wanda referensi saperti buku, jurnal, paper, artikel, disertasi, tesis, skripsi, hand out, laboratory manuals, jeung karya ilmiah séjénna anu dikutip tina penulisan proposal. Kajian pustaka ogé mangrupa kagiatan anu ngawengku  kana neangan, maca jeung nala’ah  laporan-laporan panalungtikan jeung  bahan pustaka anu ngadadarkeun tiori-tiori anu relevan jeung panalungtikan anu baris dilakonan.
Data nu dikumpulkeun dina ieu panalungtikan nya éta data anu dibeunangkeun tina hasil maca buku, artikel, jeung sumber materi tambahan tina internet.

Hasil jeung Pembahasan
Hasil
Sanggeus maluruh data tina sumber-sumber jeung buku anu luyu jeung ieu jurnal baris dipedar ngeunaan wangenan topik jeung téma.
Kecap topik asalna tina basa Yunani ’Topoi’ hartina ‘tempat’. Aristoteles nandeskeun yén pikeun ngabuktikeun hiji perkara téh kudu ditangtukeun  atawa diwatesanan heula ‘topoi’ tempat lumangsungna hiji kajadian.
Numutkeun  Balai Bahasa, topik teh ngandung harti jejer dina diskusi, ceramah, karangan, jeung sajabana ti eta. Atawa hal anu keur mikat hate tur jadi puseur paniten masarakat kiwari (1990:958). Numutkeun Howe, topik teh mangrupa sarat ngawangunna wacana paguneman. Ku kituna, bisa dicindekkeun yen topik dina nulis hartina jejer karangan. Dina wacana, topik mangrupa proposisi anu ngawujud frase atawa klausa tur biasana ngandung inti topik. 
Sacara etimologi, téma asalna tina basa Yunani ‘Tithenai’ anu ngandung harti ‘nempatkeun atawa merenahkeun’. Téma bisa oge dihartikeun ‘hiji hal anu geus dipedar’ atawa hiji hal anu geus ditempatkeun atawa diperenahkeun. Nurutkeun Keraf (1984: 107) téma teh nya eta amanat utama anu dipidangkeun ku nu nulis dina karanganana. Amanat ieu bisa dipikanyaho ku hiji jalma lamun geus tamat maca hiji tulisan, mangka bakal aya kesan dina uteukna, éta nu disebut hakékat téma. Dina prosés nulis, téma mangrupa rumusan tina topik anu dijadikeun poko bahasan jeung udagan nu rék dihontal ngaliwatan topik. Téma bisa dihartikeun pedaran tina topik anu sifatna spesifik.

Pembahasan
1.      Topik
Dina nyieun hiji tulisan, urang teu bisa sagawayah langsung nulis. Kusabab  nulis téh lain hiji kagiatan anu instan tapi loba tinimbangan-tinimbangan anu kudu dipikirkeun sangkan tulisan urang teu wawayagon. Salah sahiji cara nyingkahanana nya éta ku cara nangtukeun topik. 
a.       Milih Topik
Kagiatan munggaran anu kudu dilakonan nalika rék nyieun hiji karangan nya éta nangtukeun topik, hartina nu nulis kudu nangtukeun naon anu rék dibahas dina tulisan. Dina milih topik aya sababaraha hal anu jadi tinimbang, nya éta:
1)      Topik éta kudu aya mangpaatna jeung pantes dibahas. Aya mangpaatna, ngandung harti yén bahasan ngeunaan topik éta bakal méré pangaweruh keur nu macana atawa sahenteuna nu nulis boga pangaweruh pikeun ditepikeun ka nu maca. Pantes dibahas maksudna nya éta, topik anu ngabutuhkeun pembahasan ogé kudu saluyu jeung bidang garapanana.
2)      Topik kudu ngirut utamana pikeun nu nulis. Hal ieu perlu sabab topik anu ngirut pikeun nu nulis bakal ngaronjatkeun sumanget dina mekarkeun tulisana jeung pikeun nu maca tangtu bakal ngirut pikeun dibaca.
3)      Topik éta kudu dipikawanoh. Sangkan bisa nulis kalayan hadé ngeunaan hiji topik, mangka nu nulis kudu miboga pangaweruh anu euyeub ngeunaan topik anu rék dibahas jeung di tulisna. Pangaweruh éta kudu ditéangan jeung dikumpulkeun, bisa mangrupa fakta tina panalungtikan di lapangan atawa sumber informasi séjén, sedengkeun nu mangrupa tiori bisa ditéangan tina buku.
4)      Bahan tulisan kudu euyeub sangkan nu nulis bisa nyieun tulisan nu bisa dibuktikeun atawa teu sagawayah. Lamun bahan tulisanana teu cukup tangtuna nu nulis bakal hésé dina mekarkeun tulisanana, sabalikna lamun bahan tulisana cukup tangtu nu nulis moal hésé.
5)      Topik ulah heureut teuing jeung ulah jembar teuing. Upamana topik nu jembar nya éta ngeunaan bank, atikan di Indonesia, patali marga jeung seni rupa, éta topik teu méré kasempetan ka nu nulis pikeun ngabahas leuwih jero.
b.    Ngawatesanan Topik
Sanggeus milih topik, kagiatan saterusna nya éta ngawatesanan topik. Cara ngawatesanan topik numutkeun Gorys Keraf (1984: 113) nya éta; kahiji, tangtukeun hiji topik puseurna; kadua, jieun patalékan ‘naha topik puseur bisa kénéh diwincik deui?’ Lamun jawabana bisa, jieun wincikan topik tina topik puseur tadi. Katilu; tangtukeun tina topik tadi, mana anu rék dipilih sarta baris dipedar satuluyna. Lamun éta topik masih lega, terus wincik deui nepi ka kapanggih hiji topik anu leuwih spésifik.
Cara nu séjénna nya éta aya dua cara nu bisa dipaké pikeun mantuan nu nulis dina ngawatesanan topik nya éta nyieun diagram jam atawa diagram pohon.
1.1  Diagram  jam
1.2  Diagram pohon
Pikeun nyieun diagram jam, topikna di tengah tuluy diturunkeun sababaraha topik anu leuwih heureut. Sedengkeun pikeun nyieun diagram pohon, topikna dicicingkeun di luhur tuluy diturunkeun cabang-cabangna ka handap. Unggal cabang pasti bakal jadi cabang-cabang nu leuwih heureut deui, kitu ogé cabang nu séjénna.
2.      Téma
a.      Milih téma nu Hadé
Téma nu hadé nya éta téma anu dipedar ngaruntuy dumasar pola-pola penulisan, naha wangunna karangan deskriptif, naratif, éksposisi, arguméntatif, atawa persuasif. Sedengkeun téma anu kurang hadé nya éta nu ditulis kalayan pamikiran nu teu jelas arahna, teu konsistén jeung nu ngabalukarkeun nu maca hésé maham kana éta tulisan.
b.      Sarat téma
Sarat téma nu hadé nya éta:
1)      Jéntré
Kajelasan di dieu mangrupa hal anu ésénsil pisan pikeun hiji tulisan anu hadé. Mimiti, kajelasan bisa dititén ngaliwatan gagasan umumna. Upama gagasan séntralna jelas, éta téma bisa dirumuskeun dina hiji kalimah anu jelas. Kadua, kajelasan bisa dititén ngaliwatan perincian-perincianana.

2)      Gembleng
Gembleng ditempo tina ayana satuan gagasan séntral anu jadi tatapakan sakabéh karangan. Sabenerna jéntré jeung kesatuan sarua-rua kénéh, nu bédana ukur dina segi tekenanana wungkul. Unggal rincian tina gagasan séntral ukur nyoko kana gagasan séntral nu tadi, jeung unggal rincian éta kudu ngan aya hiji gagasan, kitu saterusna.
3)      Kamekaran
Jéntré, kesatuan jeung perkembangan sabenerna mangrupa hiji beungkeutan syarat nu teu bisa dipisahkeun. Lamun teu jelas bakal nimbulkeun éfék négatif kana kesatuan jeung perkembangan, kesatuan nu teu hadé bakal nimbulkeun teu jelas téma jeung perkembangan téma kurang hadé, perkembangan nu kurang hadé bakal ngarusak téma, topik jeung tujuan tina ngarang.
4)      Originalitas
Téma nu hadé kudu ngawengku keaslian atawa originalitas. Keaslian bisa diukur tina sababaraha hal nu kahiji tina pilihan poko pasualanana, tina sudut pandangna, pamarekanana, tina rangkaian kalimah, tina diksi jsb. Originalitas kudu diartikeun nya éta hiji karangan nu geus digarap dina wates-wates karesep nu hadé, nepi ka nimbulkeun kesan nu anyar jeung teu matak bosen.
5)      Judul anu cocok
Judul nu alus bakal ngirut minat nu maca jeung bakal nyambung ogé jeung témana. Teu mungkin lamun aya dua karangan nu sarua boh dina judul boh eusina, ku sabab kitu judul pikeun hiji karangan kudu judul nu asli. Hiji judul bisa ngagunakeun kalimat anu pentingna wungkul dina éta karangan, atawa ciri-ciri nu umumna. Nepi ka pamaca bisa ngabayangkeun naon nu bakal dicaritakeun dina éta karangan.
Salian ti judul nu merenah jeung asli atawa orisinil, judul nu hadé kudu nyumponan sababaraha sarat ieu dihandap:
Judul kudu relevan: hartina judul éta kudu aya patula patalina jeung téma, atawa aya patalina jeung sababaraha bagéan penting dina téma.
a)      Judul kudu provokatif: hartina judul kudu bisa nimbulkeun hayang nyaho ti unggal pamaca kana eusi buku atawa karangan éta.
b)      Judul kudu singket: maksudna judul ulah maké kalimah ataawa frasa anu panjang teuing, tapi kudu ngawangun kecap aatawa rangkeyan kecap nu singket. Lamun teu bisa disingkahan nyieun judul nu panjang, carana nu nulis kudu nyieun judul utama nu singket, tapi maké judul tambahan nu panjang.
c.       Ngawatesanan Téma
Téma mangrupa topik nu diwatesanan, lamun nyanghareupan topik anu masih lega tur umum, urang kudu néangan jeung nangtukeun heula témana. Aya sawatara cara ngawatesanan téma, ngarah gampang disingket jadi PUSAT-B anu huruf asalna nyoko kana:
P       (Peranan); naon peranan (fungsi, harti) tina topik tadi?
U       (Untung rugina); kumaha untung rugina (hadé goréngna, resep henteuna, sugema henteuna)?
S        (Sajarah); timana asal usulna, kasang tukangna, sabab musababna?
A       (Ayana); kumaha kaayaanana (data, fakta, cara gawéna)?
T       (Tipe); kumaha tipe-tipena (warna, wanda, atawa wangunna)?
B       (Bener henteuna); naha bener henteu, luyu henteu jeung kanyataan?

Kacindekan
Topik jeung téma kacida dibutuhkeun pikeun nulis, sabab saméméh nulis kudu miboga udagan anu tangtu ngeunaan hal anu rék dihontal sabada éta tulisan dibaca ku batur, hartina topik jeung téma téh méré watesan ngeunaan hal-hal naon waé nu kudu aya dina hiji tulisan. Dina milih topik jeung téma kudu saluyu jeung pangaweruh anu dipiboga ku nu nulis, sangkan topik, téma jeung eusi tulisan téh saluyu jeung naon anu rék ditepikeun.
Ieu jurnal jauh tina kasampurnaan, ku kituna pamaca dipiharep leuwih ngeyeuban deui materi ngeunaan topik jeung téma. Lantaran dina prak-prakanana, lamun teu apal harti topik jeung tema éta sorangan, tangtu hésé dina nangtukeunana, utamana hal-hal anu ngabédakeun antara topik jeung téma.

 DAFTAR PUSTAKA
Akhadiah, Sabarti, Maidar G. Arsjad, Sakura H. Ridwan. (1988). Pembinaan Kemampuan Menulis Bahasa Indonesia. Jakarta: Erlangga.
Gladiys. (April 2010). Perbedaan Topik, Téma dan Judul. [Online]. Tersedia: http://gladysdizz.blogspot.com/2010/04/perbedaan-topiktéma-dan-judul.html. [3 Oktober 2012]
Keraf, Gorys. (1993). Komposisi. Jakarta: Nusa Indah.
Made, Gusti Ayu. (16 Oktober 2010). Perbedaan Topik dan Téma.[Online]. Tersedia: http://gustiayumade.wordpress.com/2010/10/16/perbedaan-topik-judul-dan-téma/ [3 Oktober 2012]
Nurjanah, Nunuy. (1992). Dasar-dasar Tiori Nulis. Diktat Kuliah. Bandung: tidak diterbitkan.
Rosyadi, A.Rahmat.( 2008). Menjadi Penulis Profesional Itu Mudah. Bogor: Ghalia Indonesia.
Tahaja, Nisa. (2011). Topik téma dan kerangka karangan. [Online]. Tersedia: http://nishaniy.blogspot.com/2011/10/topik-téma-dan-kerangka-karangan.html. [3 Oktober 2012]
Tarigan, Henry Guntur. (1994). Menulis (Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa). Bandung: Angkasa.

Zainurrahman. (2011). Menulis: Dari Teori Hingga Praktik (Penawar Racun Plagiarisme). Bandung: Alfabeta.