Sabtu, 29 Maret 2014

Tawis Katineung kagiatan di Jurusan.. :)

Kahatur
Téh XXXXX

Assalamu’alaikum ^_^
Téh XXXX ngawakilan rasa kadeudeuh abdi ka Téh XXXXX, abdi ngedalkeun surat ieu. :D
Sateuacanna nyuhunkeun dihapunten, kumargi abdi parantos teu sopan ngalebetkeun Tétéh kana jero haté abdi henteu nyuhunkeun idin ti Tétéh. :D
Tétéh kumaha damang? Mugia Tétéh tetep aya dina kaayaan alhamdulillah, luar biasa, allahu akbar. J
Suanten Tétéh anu lembut, jilbab Tétéh anu subhanallah, taya hal anu tiasa ku abdi lakukeun salian ti ngucap syukur ka Gusti anu parantos masihan ni’mat anu kalintang gedéna nya éta tiasa patepung lawung paamprok jonghok sareng salasahiji mahluk ciptaan-Na anu pangéndahna. J
Abdi mah moal siga batur anu ngangge I lope yu I lop yu-an, mung abdi mah badé ngadu’a mugia nami Tétéh ditulis di lauhil mahfudz janten nami anu jadi makmum abdi. :D
Sakieu waé surat ti abdi, hapunten bilih aya kalepatan.*
Wassalamu’alaikum

*Bila cinta berlanjut hubungi penghulu ^_^


Tidak ada komentar:

Posting Komentar