Sabtu, 29 Maret 2014

Metode Klasifikasi Basa

MÉTODE KLASIFIKASI BASA

2.1 Wangenan Métode Klasifikasi Basa (Métode Papasingan Basa)
Métode mangrupa alat, prosedur jeung téhnik nu dipilih dina ngalaksanakeun hiji panalungtikan (ngumpulkeun data). Pamahaman élmu basa kudu dipatalikeun jeung métodologina (métodologi dina harti élmu ngeunaan métode). Métodologi dina panalungtikan linguistik (élmu basa) kudu aya tinimbang tina dua hal nu ngawengku ngumpulkeun data sarta carana, jeung téhnik sarta prosedur anu dipaké. Hal séjénna anu penting nya éta métode kajian (analisis) anu matalikeun pamarekan (tiori) salaku alat analisis data panalungtikan.  
Klasifikasi basa nya éta papasingan basa dumasar kana tipe-tipena. Ari papasingan basa dibagi dumasar kana strukturna, geneologisna jeung geografis. Pikeun nganalisisna, dipaké métodé anu saluyu jeung panalungtikan linguistik sacara umum nu satuluyna diheureutan jadi métode papasingan basa (métode klasifikasi basa).
2.2 Métode Ilmiah Linguistik
Linguistik mangrupa élmu ngeunaan basa. Élmu pangaweruh bisa dibagi kana tilu widang, nya éta: (1) élmu pangaweruh ngeunaaan alam (ngawengku élmu kimia, biologi botani, géologi, astronomi, jsb.); (2) élmu pangaweruh sosial-budaya (ogé disebut élmu pangaweruh kamanusaan, ngawengku antropologi, sosiologi, kasusastraan, ékonomi,jsb.); (3) élmu pangaweruh formal (élmu pangaweruh apriori kaasup di jerona aya logika jeung matematika). Linguistik kaasup salah sahiji  élmu pangaweruh nu disebutkeun, nya éta salaku élmu pangaweruh sosial budaya (basa Inggris ‘humanities’ atawa basa Jerman ‘Geisteswissensschaften’) (Kridalakasana dina Djajasudarma, 2010:26).
Élmu pangaweruh sosial bisa dibagi deui jadi: (1) élmu-élmu nomotétik, (2) élmu sajarah, (3) élmu-élmu hukum, sarta (4) élmu-élmu filsafat (Jean Piaget dina Djajasudarma,2010:26). Linguistik kaasup kana nomotétik, nya éta élmu-élmu nu dipaké pikeun néangan kaédah-kaédah, ngagunakeun métode ékspériméntal jeung pikeun museurkeun panalungtikan kana widang nu tangtu (Piaget, kridalaksana dina Djajasudarma,2010:26). Sanajan linguistik kaasup élmu sosial budaya, kalungguhana salaku élmu nu miboga sifat otonom. Linguistik patali ogé jeung élmu-élmu séjén, saperti dina sababaraha disiplin élmu di antarana, antropolinguistik, sosiolinguistik jeung psikolinguistik.
Disiplin ilmiah pikeun linguistik dina kamekaranana, sarua jeung élmu séjén umumna ngaliwatan tahap-tahap di handap:
(1)   Spékulasi
Tahap di mana manusa nepi kana gawé spékulasi (tina basa Latin ‘speculum’ “eunteung”). Dina ieu tahap aya anggapan yén sakabéh basa nu aya di dunya asalna tina basa Ibrani, sabab basa Ibrani dianggap salaku basa nu pangkolotna di dunya. Basa Ibrani dianggap pangkolotna sabab kitab perjanjian heubeul ditulis dina basa Ibrani. Numutkeun anggapan, lobana basa di dunya sabb loba manusa nu doraka. Pangéran ngahukum manusa doraka ku cara ngabédakeun basa nu dipakéna, sangkan manusa hésé boga hubungan. Pikeun panalungtikan linguistik (basa) ieu tahap sabenerna lumaku pikeun para ahli  tata basa ti Eropa dina Abad pertengahan. Para ahli tata basa De Modis Significandi, nu hartina ‘ngeunaan cara méré makna’ (ku ayana ieu tulisan maranéhna disebut kaum Modistae). Di Kalimantan, suku Dayak Iban miboga legenda nu nyaritakeun yén baheulana manusa ngan ngagunakeun hiji basa tapi kusabab karacunan cendawan, maranéhna mimiti nyarita dina rupa-rupa basa, nepi ka nimbulkeun masalah, ti dinya mimitina maranéhna mencar ka juru-juru dunya. Éta conto spékulasi nu hésé ditarima.
(2)   Tahap obsérvasi jeung klasifikasi
Dina ieu tahappara ahli ngumpulkeun jeung ngagolongkeun sakabéh data sacara rinci, teu make tiori nanaon. Ieu tahap di Eropa dina abad ka-19 nimbulkeun studi basa nu disebut filologi, abad ka-19 mangrupa puncak filologi jeung élmu babandingan basa. Harita wangenan filologi jeung élmu babandingan basa teu dibédakeun. Nepi ka ayeunadi Inggris istilah filologi sarua jeung élmu babandingan basa. Di tempat séjén istilah filologi dibédakeun tina istilah élmu babandingan basa atawa linguistik historis komparatif. Umumna nu dimaksud filologi nya éta studi ilmiah ngeunaan peradaban atawa kabudayaan ngaliwatan naskah atawa karya sastra tinulis. Di Indonésia tahap observasi jeung klasifikasi kaalaman ku para pakar Walanda kana basa Indonésia jeung basa-basa Indonésia saméméh merdéka. Panalungtikan nu samodél kitu can bisa disebut ilmiah, sabab élmu teu gumantung kana data nu kakumpul jeung diklasifikasikeun wungkul, tapi kudu nyumponan sarat séjén, nya éta sifat ilmiah nu miboga sarat: éksplisit, sistematis jeung objéktif.
(3)   Tahap ngarumuskeun hipotésis
Dina ieu tahap diajukeun patalékan-patalékan ngeunaan masalah-masalah nu tangtu. Ieu hipotésis dirumuskeun sarta diuji dumasar data. Lamun hipotésis luyu jeung data bakal muncul tiori. Tiori kudu tuntas, hartina teu ninggalkeun data; konsistén, hartina euweuh patalékan-patalékan nu teu luyu; basajan, teu kaleuleuwihi.

2.3 Métode jeung Téhnik Papasingan Basa
Kajian Historis Komparatif maluruh sasaruaan fonologi jeung morfologi tina basa-basa anu sadapuran anu satuluyna dijieun rekonstruksi protobahasa tina basa-basa anu sadapuran. Kajian historis komparatif salian mawa data ti lapangan, ogé tina naskah-naskah anu geus aya atawa hasil kajian jalam lian ngeunaan pertélaan fonologi, morfologi jeung léksikal. Kusabab nu dipaluruh dina historis komparatif mangrupa sasaruaan  tina basa anu sadapuran, minimal dua période. Ieu babandingan anu dihasilkeun bisa mangrupa wangun basa anu sarua, wangun anu mirip, atawa ayana wangun anu jauh béda, tapi sacara historis bisa dijentrékeun.
Data dina kajian histris komparatif dijieun ku cara nyieun babandingan kana unsur fonologi jeung morfologi, ku kituna dijieun daftar kandaga kecap anu dimekarkeun ku Morris Swadish nu dianggap universal jeung aya dina unggal basa di dunia.
Aya tilu métode dina ngumpulkeun jeung maluruh data dina kajian historis komparatif.
1.      Métode Léksikostatistik
Métode léksikostatistik mimiti dimekarkeun ku Morris Swadesh jeung Robert Lees. Tapi praktékna kakara dipaké ku Isidore Dyen jeung George William Grace.  Asalna istilah léksikostatistik disaruakeun jeung grottokronologi. Satuluyna istilah grottokronologi hartina ngaheureutan nya éta bagian tina léksikostatistik. Léksikostatistika nya éta aplikasi téhnik-téhnik statistika dina masalah linguistik historis komparatif. Ari nu disebut grottokronologi nya éta panalungtikan sajarah basa-basa dasariah kalawan sadapuran ku cara nalungtik sasruaan kecap-kecap dasariah kalawan ngagunakeun rumus léksikostatistika pikeun nangtukeun taun pisah dua basa atawa leuwih.
Aya sababaraha dasar métode léksikostatistik, nya éta:
a.    Unggal basa boga kelompok-kelompok kecap anu teu gancang robah enu disebut Kosa Kata Dasar (KKD). Ieu KKD biasana mangrupa kecap sulur, kecap nu nuduhkeun ngaran babagian awak, kecap bilangan, jeung saterusna.
b.    KKD boga harkat retensi anu angger sapanjang zaman. Hartina presentase oengikisan (vocabulary loss) dina unggal 1000 taun bajal angger atawa sarua. Di dieu dipaké r=86% (anu baheula mah r=81%)
c.    Harkat pengikisan (rate of loss) tina unggal KKD kurang leuwih sarua dina kabé basa.
d.   Lamun presentase kecap-kecap saasal dina dua basa dipikanyaho, mangka bisa diitung, waktu mencarna dina éta basa. 
Métode Léksikostatistik dilakukeun kalawan téhnik atawa léngkah-léngkah saperti ieu di handap:
a)    Ngumpulkeun kandaga kecap dasar basa-basa anu sadapuran.
b)   Netepkeun jeung ngitung pasangan-pasangan anu mangrupa kecap sadapuran.
c)    Matalikeun hasil itungan nu mangrupa presentase kekerabatan kalawan katégori kekerabatan.
 Sanggeusna data basa-basa dikumpulkeun, tuluy diitung jumlah kandaga kecap anu sadapuran, kalawan merhatikeun katangtuan saperti ieu di handap.
1)   Glos euweuh réalisasina (sok disebut ogé kekecapan kosong)  nu dibawa boh tina salasahiji basa boh tina sakabéh basa kudu dikaluarkeun jeung teu kudu diperhatikeun, kitu ogé kekecapan injeuman.
2)   Nangtukeun kecap anu sadapuran bisa mangrupa kecap anu idéntik nya éta kekecapan anu sarua harti jeung wangunna atawa anu ngabogaan koréspondénsi sora. Kecap anu miboga kekerabatan misalna:
Glos                 basa Sasak                   basa Sumbawa
api                    api                               api
banyak             lueq                             lueq
isi                     isiq                               isiq

Kekecapan anu mangrupa koréspondénsi sora misalna:
Glos                 basa Sasak                   basa Sumbawa
mata                mate                            mata
apa                   ape                               ape
lima                 lime                             lime
3)   Ngitung presentase kecap sadapuran kalawan ngitung jumlah kecap lulugu anu dibandingkeun dina l Misalnangkah ka hiji jeung jumlah kecap sadapuran anu aya dina léngkah ka dua. Jumlah kecap sadapuran dibagi jumlah kecap lulugu anu dibandingkeun tuluy dikali sartus persén, satuluyna bakal kapanggih presentase jumlah kecap sadapuran.
4)   Hasil tina itungan presentase kecap sadapuran dipatalikeun jeung kategori tingkat kekerabatan pikeun nangtukeun hubungan kekerabatan.
Presentase Kecap Kerabat
Tingkat Basa
100-81
Bahasa
81-36
Keluarga
36-12
Rumpun
12-4
Mikrofilum/Tatangga
4-1
Mesofilum/Family Jauh
1-<1 o:p="">
Makrofilum/Geus Lain

5)   Satuluyna kekerabatan dituliskeunn dina wangun diagram pohon. Basa-basa dina fase nu tangtu miboga sajarah anu sarua salaku hiji kulawarga atawa subkulawarga basa. Salaku conto ieu di handap mangrupa hasil panalungtikan Mbete taun 1990 (Chaer, 2007:107). Dina ieu panalungtikan, Mbete ngabandingkeun basa Bali (Bl), basa Sasak (Bsas), Sumbawa (BS), Jawa (BJ), Madura (BM), Bima (BB), jeung Manggarai (BMg) dina raraga rekonstruksi Prot Bahasa Bali-Sasak-Sumbawa (DBSS). Tina itungan léksikostatistik kana 200 kandaga kecap lulugu Swadesh, kapanggih hasil saperti ieu di handap.
B Sas
51

BS
49
64

BJ
35
33
32

BM
41
42
40
42

BB
27
32
31
21
24

BMg
29
37
30
18
27
26

Bl
Bsas
BS
BJ
BM
BB
Tina itungan éta léksikostatistik bisa kapanggih yén:
a)        Basa Bali, basa Sasak jeung basa Sumbawa miboga hubungan kekerabatan dina tingkat kulawarga basa anu dingaranan kulawarga basa Bali-Sasak-Sumbawa jeung tiluanana miboga moyang basa anu sarua, anu dingaranan Protobahasa Bali-Sasak-Sumbawa.
b)        Basa Sasak jeung basa Sumbawa miboga hubungan anu leuwih deukeut tibatan hubungan éta dua basa séwang-séwangan jeung basa Bali, ku kituna sacara hipotésis bisa dijéntréken yén basa Sasak jeung basa Sumbawa asalna tina hiji subkulawarga basa, nya éta subkulawarga Protobahasa Sasak-Sumbawa, skaumaha katitén dina diagram pohon ieu di handap.
PBSS

                              PSS
 



Bsas Bl                                                BS

2.      Métode Inovasi anu Sipatna Éksklusif
Métode inovasi anu sipatna éksklusif téh mangrupa salah sahiji métode kualitatif. Ieu métode mangrupa cara ngelompokkeun basa turunan ka hiji kelompok anu leuwih deukeut hubunganana, sabab katitén ayana inovasi anu ciri linguistikna éksklusif sarta sumebar kana basa-basa anu dibandingkeun. Mbete nétélakeun ayana inovasi léksikal anu sifatna éksklusif, ngelompokkeun basa Sasak jeung basa Sumbawa salaku subkulawarga anu miboga hubungan leuwih deukeut tibatan jeung basa Bali sanajan dina fase historis basa Bali mangrupa kulawarga Proto-Bali-Sasak-Sumbawa. sabab ayana realisasi léksikal ma’na-ma’na (glos) antara basa Sumbawa jeung basa Sasak. Métode inovasi bisa diterapkeun dina nangtukeun patalina antar dialék anu aya dina hiji basa.

3.      Métode jeung Tehnik Rekonstruksi Basa Purba
Rekonstruksi basa purba teu ngan diterapkeun dina kajian dialektologi diakronis, tapi ogé dilakukeun dina panalungtikan lingustik historis komparatif. Métode jeung teknik anu digunakeun sarua jeung métode sarta teknik rekonstruksi basa purba dina kajian dialektologi diakronis. Bedana tina bukti anu digunakeun pikeun rekonstruksi nya éta bukti-bukti basa. Sedengkeun dina panalungtikan dialektologi diakronis, bukti anu digunakeun nya éta bukti dialéktal atawa bukti mangrupa dialék-dialék anu aya dina basa anu ditalungtik.

4.      Métode Penyajian Hasil Analisis
Hasil analisis, boh dina panalungtikan dialektologi diakronis boh linguistik historis komparatif anu mangrupa kaédah-kaédah bisa disuguhkeun ngaliwatan dua cara, nya éta (a) ngarumuskeun maké kecap-kecap biasa, kaasup ngagunakeun terminologi anu sipatna teknis jeung (b) ngarumuskeun ngagunakeun tandaétanda atawa lambang. Dua cara di luhur disebut métode informal jeung métode formal. Tanda atawa lambang anu digunakeun di antarana tanda:
1)   Asterisk (*) digunakeun pikeun hipotetis wangun anu ditandaan. Ieu tanda dipaké dina awal wangun nu direkonstruksi jeung spasi satengan di luhur wangun hasil direkonstruksina, misalna PS* mata ‘mata’, PS* babo ‘atas’. Maksudna bisa dibaca dina pra-Sumbawa direkonstruksi wangun *mata jeung *babo  sarta ma’na ‘mata’ jeung ‘atas’.
2)   Kurung biasa (( )) digunakeun  pikeun nétélakeun formatif anu di jerona némbongkeun wangun alternatif sajumlah formatif anu aya di jerona.


DAFTAR PUSTAKA


Chaer, Abdul. (2007). Kajian Bahasa. Jakarta: Rineka Cipta.
Djajasudarma, Fatimah T. (2010). Métode Linguistik Ancangan Métode Penelitian dan Kajian. Bandung: Refika Aditama.
M.S, Mahsun. (2005). Métode Penelitian Bahasa. Jakarta. Rajagafindo persada.
Nurjanah, Nunuy & O. Solehudin. (2010). Linguistik Statistik Komparatif. Bandung: JPBD FPBS UPI.




Tidak ada komentar:

Posting Komentar