Kunaon karasana sok pandeuri?
Kunaon kajadian ieu
karandapan deui?
Naha kuring kudu
hanjakal waé saban waktu?
Naha kuring waé nu
kudu nyunyuhun hampura?
Palias teuing...
Kanyaah nu sakitu
gedéna,
Kaasih nu teu tumpur
ayana,
Kasono nu teu katénjo,
Mikacinta teu weléh
ngadodoho,
Kebat ku sabeunyeur
kanyeri...
Leuh ieung...
Kuring teu sugan
hayang nyoba,
Teu niat teu maliré
jinisna,
Teu kaimpleng
ngaguratkeun wates jeung anjeun...
Saenyana mah kuring
ayeuna nu nyaah ka anjeun,
Dunya simpé nalika
anjeun jauh tina haté,
Diri tunggara nalika
anjeun jauh tina sagara cinta,
Peuting jeung beurang
méh sarua,
Mega di langit nu
angkeub teu kaciri éndahna...
Na iraha deui
srangéngé cahyana béngras?
Kudu sakumaha lila
ngadagoan langit lénglang?
Teu loba nu
dipikahayanag ku kuring,
Mun geus cunduk
panonpoé ngabaranyay,
Kuring ukur hayang
jadi kalangkang anjeun...
Mun geus cunduk langit
angkeub,
Kuring ukur hayang
jadi hujan kadeudeuh anjeun..
Mun geus cunduk
peuting mongkléng,
Kuring ukur hayang
jadi cahya purnama nu nyaangan anjeun salawasna...
Rajapolah, 26 Oktober 2012