Senin, 29 April 2013

Anjeun, mugia...


Kunaon karasana sok pandeuri?
Kunaon kajadian ieu karandapan deui?
Naha kuring kudu hanjakal waé saban waktu?
Naha kuring waé nu kudu nyunyuhun hampura?

Palias teuing...
Kanyaah nu sakitu gedéna,
Kaasih nu teu tumpur ayana,
Kasono nu teu katénjo,
Mikacinta teu weléh ngadodoho,
Kebat ku sabeunyeur kanyeri...



Leuh ieung...
Kuring teu sugan hayang nyoba,
Teu niat teu maliré jinisna,
Teu kaimpleng ngaguratkeun wates jeung anjeun...

Saenyana mah kuring ayeuna nu nyaah ka anjeun,
Dunya simpé nalika anjeun jauh tina haté,
Diri tunggara nalika anjeun jauh tina sagara cinta,
Peuting jeung beurang méh sarua,
Mega di langit nu angkeub teu kaciri éndahna...

Na iraha deui srangéngé cahyana béngras?
Kudu sakumaha lila ngadagoan langit lénglang?
Teu loba nu dipikahayanag ku kuring,
Mun geus cunduk panonpoé ngabaranyay,
Kuring ukur hayang jadi kalangkang anjeun...
Mun geus cunduk langit angkeub,
Kuring ukur hayang jadi hujan kadeudeuh anjeun..
Mun geus cunduk peuting mongkléng,
Kuring ukur hayang jadi cahya purnama nu nyaangan anjeun salawasna...





Rajapolah, 26 Oktober 2012

1 komentar: