Senin, 29 April 2013

Enung...

Anjeun nu teu kungsi ningali,
Sakumaha loba nyakclakna cimata,
Teu kungsi apal sakumaha ripuhna miara rasa...
Awak tibabaranting,
Pikiran kumalayang,
Teu genah sagala rupa...

Anjeun teu pisan surti ka kuring nu teu wasa ngedalkeun kahayang...

Kuring nu surti,
Yén anjeun moal bisa nedunan kahayang,
Sabab aya manéhna nu leuwih dipikacinta ku anjeun...

Enung, jig waé...
Sing bagja.
Engkang bagja mun Enung bagja...

Bandung, 22 Maret 2012

Tidak ada komentar:

Posting Komentar