Cara
Milih Topik jeung
Téma pikeun
Nulis Karangan
Kelompok 3,
kelas 5B
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI
Abstrak: Cara
Milih Topik jeung
Téma pikeun
Nulis Karangan. Dina
nulis topik karangan dibutuhkeun ayana topik jeung téma. Ieu pedaran pikeun
ngadadarkeun tiori ngeunaan cara milih topik jeung téma sangkan eusi éta
karangan teu kaluar tina kerangka penulisan nu geus dirarancang saméméhna. Data
dina ieu pedaran hasil tina kajian pustaka ngeunaan tiori-tiori ti para ahli.
Sanggeus dipaluruh katitén yén aya sababaraha cara milih topik jeung téma sarta
aya bédana antara topik jeung téma.
Kata
Kunci: topik, téma,
nulis karangan
Kasang Tukang
Dina
kaparigelan basa aya opat komponén nya éta ngaregepkeun, maca, nyarita jeung
nulis. Unggal hiji kaparigelan raket patalina jeung tilu kaparigelan anu
lianna. Dina nyangking kaparigelan basa, biasana ngaliwatan hiji hubungan anu
sistématis. Ti bubudak, kaparigelan anu bisa dicangking téh anu munggaran nya éta
ngaregepkeun, tuluy nyarita, sanggeus éta diajar maca jeung nulis. Éta opat
kaparigelan basa téh raket patalina jeung prosés-prosés nu jadi dadasar dina
basa.
Nulis
mangrupa kaparigelan basa nu dipaké pikeun komunikasi sacara teu langsung.
Hartina, urang nepikeun informasi dina wangun tulisan. Dina kahirupan anu
modern ieu, geus atra yén kaparigelan basa pohara dibutuhkeun pisan. Teu
kaleuleuwihi lamun nulis disebut kaparigelan basa anu jadi totondén jalma nu
jembar élmu pangaweruh atawa sélér-sumélér nu jembar pangaweruh. Morsey nétélakeun
yén
“menulis
dipergunakan, melaporkan/memberitahukan, dan mempengaruhi; dan maksud serta
tujuan seperti itu hanya dapat dicapai dengan baik oleh orang-orang yang dapat
menyusun pikirannya dan mengutarakannya dengan jelas, kejelasan ini bergantung
pada pikiran, organisasi, pemakaian kata-kata, dan struktur kalimat”.
Ku
kituna, sangkan pikiran urang bisa ditepikeun sacara jelas dina tulisan, mangka
urang kudu bisa nangtukeun téma. Hal ieu saluyu jeung pamadegan Morsey.
Métode
Ieu bahasan ngagunakeun
métode kajian pustaka nya éta data referensi tina sakabéh wanda referensi
saperti buku, jurnal, paper, artikel,
disertasi, tesis, skripsi, hand out,
laboratory manuals, jeung karya ilmiah séjénna anu dikutip tina penulisan
proposal. Kajian pustaka ogé mangrupa kagiatan anu ngawengku kana neangan, maca jeung nala’ah laporan-laporan panalungtikan jeung bahan pustaka anu ngadadarkeun tiori-tiori
anu relevan jeung panalungtikan anu baris dilakonan.
Data nu dikumpulkeun dina ieu panalungtikan nya éta
data anu dibeunangkeun tina hasil maca buku, artikel, jeung sumber materi
tambahan tina internet.
Hasil jeung Pembahasan
Hasil
Sanggeus maluruh data tina
sumber-sumber jeung buku anu luyu jeung ieu jurnal baris dipedar ngeunaan
wangenan topik jeung téma.
Kecap topik asalna tina
basa Yunani ’Topoi’ hartina ‘tempat’. Aristoteles nandeskeun yén pikeun
ngabuktikeun hiji perkara téh kudu ditangtukeun
atawa diwatesanan heula ‘topoi’ tempat lumangsungna hiji kajadian.
Numutkeun Balai Bahasa, topik teh ngandung harti jejer
dina diskusi, ceramah, karangan, jeung sajabana ti eta. Atawa hal anu keur
mikat hate tur jadi puseur paniten masarakat kiwari (1990:958). Numutkeun Howe,
topik teh mangrupa sarat ngawangunna wacana paguneman. Ku kituna, bisa
dicindekkeun yen topik dina nulis hartina jejer karangan. Dina wacana, topik
mangrupa proposisi anu ngawujud frase atawa klausa tur biasana ngandung inti
topik.
Sacara etimologi, téma
asalna tina basa Yunani ‘Tithenai’ anu ngandung harti ‘nempatkeun atawa
merenahkeun’. Téma bisa oge dihartikeun ‘hiji hal anu geus dipedar’ atawa hiji
hal anu geus ditempatkeun atawa diperenahkeun. Nurutkeun Keraf (1984: 107) téma
teh nya eta amanat utama anu dipidangkeun ku nu nulis dina karanganana. Amanat
ieu bisa dipikanyaho ku hiji jalma lamun geus tamat maca hiji tulisan, mangka
bakal aya kesan dina uteukna, éta nu disebut hakékat téma. Dina prosés nulis,
téma mangrupa rumusan tina topik anu dijadikeun poko bahasan jeung udagan nu
rék dihontal ngaliwatan topik. Téma bisa dihartikeun pedaran tina topik anu
sifatna spesifik.
Pembahasan
1.
Topik
Dina nyieun hiji tulisan, urang teu bisa sagawayah langsung
nulis. Kusabab nulis téh lain hiji
kagiatan anu instan tapi loba tinimbangan-tinimbangan anu kudu dipikirkeun
sangkan tulisan urang teu wawayagon. Salah sahiji cara nyingkahanana nya éta ku
cara nangtukeun topik.
a. Milih
Topik
Kagiatan munggaran anu
kudu dilakonan nalika rék nyieun hiji karangan nya éta nangtukeun topik,
hartina nu nulis kudu nangtukeun naon anu rék dibahas dina tulisan. Dina milih
topik aya sababaraha hal anu jadi tinimbang, nya
éta:
1)
Topik éta kudu aya mangpaatna jeung
pantes dibahas. Aya mangpaatna, ngandung harti yén bahasan ngeunaan topik éta
bakal méré pangaweruh keur nu macana atawa sahenteuna nu nulis boga pangaweruh
pikeun ditepikeun ka nu maca. Pantes dibahas maksudna nya éta, topik anu
ngabutuhkeun pembahasan ogé kudu saluyu jeung bidang garapanana.
2)
Topik kudu ngirut utamana pikeun nu
nulis. Hal ieu perlu sabab topik anu ngirut pikeun nu nulis bakal ngaronjatkeun
sumanget dina mekarkeun tulisana jeung pikeun nu maca tangtu bakal ngirut
pikeun dibaca.
3)
Topik éta kudu dipikawanoh. Sangkan bisa
nulis kalayan hadé ngeunaan hiji topik, mangka nu nulis kudu miboga pangaweruh
anu euyeub ngeunaan topik anu rék dibahas jeung di tulisna. Pangaweruh éta kudu
ditéangan jeung dikumpulkeun, bisa mangrupa fakta tina panalungtikan di
lapangan atawa sumber informasi séjén, sedengkeun nu mangrupa tiori bisa
ditéangan tina buku.
4)
Bahan tulisan kudu euyeub sangkan nu
nulis bisa nyieun tulisan nu bisa dibuktikeun atawa teu sagawayah. Lamun bahan
tulisanana teu cukup tangtuna nu nulis bakal hésé dina mekarkeun tulisanana,
sabalikna lamun bahan tulisana cukup tangtu nu nulis moal hésé.
5)
Topik ulah heureut teuing jeung ulah
jembar teuing. Upamana topik nu jembar nya éta ngeunaan bank, atikan di
Indonesia, patali marga jeung seni rupa, éta topik teu méré kasempetan ka nu
nulis pikeun ngabahas leuwih jero.
b.
Ngawatesanan Topik
Sanggeus milih topik,
kagiatan saterusna nya éta ngawatesanan topik. Cara ngawatesanan topik
numutkeun Gorys Keraf (1984: 113) nya éta; kahiji, tangtukeun hiji topik
puseurna; kadua, jieun patalékan ‘naha topik puseur bisa kénéh diwincik deui?’
Lamun jawabana bisa, jieun wincikan topik tina topik puseur tadi. Katilu;
tangtukeun tina topik tadi, mana anu rék dipilih sarta baris dipedar satuluyna.
Lamun éta topik masih lega, terus wincik deui nepi ka kapanggih hiji topik anu
leuwih spésifik.
Cara nu séjénna nya éta
aya dua cara nu bisa dipaké pikeun mantuan nu nulis dina ngawatesanan topik nya
éta nyieun diagram jam atawa diagram pohon.
1.1 Diagram jam
1.2 Diagram pohon
Pikeun nyieun diagram
jam, topikna di tengah tuluy diturunkeun sababaraha topik anu leuwih heureut.
Sedengkeun pikeun nyieun diagram pohon, topikna dicicingkeun di luhur tuluy
diturunkeun cabang-cabangna ka handap. Unggal cabang pasti bakal jadi
cabang-cabang nu leuwih heureut deui, kitu ogé cabang nu séjénna.
2.
Téma
a. Milih
téma nu Hadé
Téma nu hadé nya éta
téma anu dipedar ngaruntuy dumasar pola-pola penulisan, naha wangunna karangan
deskriptif, naratif, éksposisi, arguméntatif, atawa persuasif. Sedengkeun téma
anu kurang hadé nya éta nu ditulis kalayan pamikiran nu teu jelas arahna, teu
konsistén jeung nu ngabalukarkeun nu maca hésé maham kana éta tulisan.
b. Sarat
téma
Sarat
téma nu hadé nya éta:
1)
Jéntré
Kajelasan
di dieu mangrupa hal anu ésénsil pisan pikeun hiji tulisan anu hadé. Mimiti,
kajelasan bisa dititén ngaliwatan gagasan umumna. Upama gagasan séntralna
jelas, éta téma bisa dirumuskeun dina hiji kalimah anu jelas. Kadua, kajelasan
bisa dititén ngaliwatan perincian-perincianana.
2)
Gembleng
Gembleng
ditempo tina ayana satuan gagasan séntral anu jadi tatapakan sakabéh karangan.
Sabenerna jéntré jeung kesatuan sarua-rua kénéh, nu bédana ukur dina
segi tekenanana wungkul. Unggal rincian tina gagasan séntral ukur nyoko kana
gagasan séntral nu tadi, jeung unggal rincian éta kudu ngan aya hiji gagasan,
kitu saterusna.
3)
Kamekaran
Jéntré,
kesatuan jeung perkembangan sabenerna mangrupa hiji beungkeutan syarat
nu teu bisa dipisahkeun. Lamun teu jelas bakal nimbulkeun éfék négatif kana kesatuan
jeung perkembangan, kesatuan nu teu hadé bakal nimbulkeun teu jelas téma jeung
perkembangan téma kurang hadé, perkembangan nu kurang hadé bakal ngarusak téma,
topik jeung tujuan tina ngarang.
4)
Originalitas
Téma
nu hadé kudu ngawengku keaslian atawa originalitas. Keaslian bisa diukur tina
sababaraha hal nu kahiji tina pilihan poko pasualanana, tina sudut pandangna,
pamarekanana, tina rangkaian kalimah, tina diksi jsb. Originalitas kudu
diartikeun nya éta hiji karangan nu geus digarap dina wates-wates karesep nu
hadé, nepi ka nimbulkeun kesan nu anyar jeung teu matak bosen.
5)
Judul anu cocok
Judul
nu alus bakal ngirut minat nu maca jeung bakal nyambung ogé jeung témana. Teu
mungkin lamun aya dua karangan nu sarua boh dina judul boh eusina, ku sabab
kitu judul pikeun hiji karangan kudu judul nu asli. Hiji judul bisa ngagunakeun
kalimat anu pentingna wungkul dina éta karangan, atawa ciri-ciri nu umumna.
Nepi ka pamaca bisa ngabayangkeun naon nu bakal dicaritakeun dina éta karangan.
Salian
ti judul nu merenah jeung asli atawa orisinil, judul nu hadé kudu nyumponan
sababaraha sarat ieu dihandap:
Judul
kudu relevan: hartina judul éta kudu aya patula patalina jeung téma, atawa aya
patalina jeung sababaraha bagéan penting dina téma.
a)
Judul kudu provokatif: hartina judul
kudu bisa nimbulkeun hayang nyaho ti unggal pamaca kana eusi buku atawa
karangan éta.
b)
Judul kudu singket: maksudna judul ulah
maké kalimah ataawa frasa anu panjang teuing, tapi kudu ngawangun kecap aatawa
rangkeyan kecap nu singket. Lamun teu bisa disingkahan nyieun judul nu panjang,
carana nu nulis kudu nyieun judul utama nu singket, tapi maké judul tambahan nu
panjang.
c. Ngawatesanan
Téma
Téma
mangrupa topik nu diwatesanan, lamun nyanghareupan topik anu masih lega tur
umum, urang kudu néangan jeung nangtukeun heula témana. Aya sawatara cara
ngawatesanan téma, ngarah gampang disingket jadi PUSAT-B anu huruf asalna nyoko
kana:
P (Peranan); naon peranan (fungsi, harti)
tina topik tadi?
U (Untung rugina); kumaha untung rugina (hadé goréngna, resep
henteuna, sugema henteuna)?
S (Sajarah); timana asal usulna, kasang tukangna, sabab
musababna?
A (Ayana); kumaha kaayaanana (data, fakta, cara gawéna)?
T (Tipe); kumaha tipe-tipena (warna, wanda, atawa wangunna)?
B (Bener
henteuna); naha bener henteu, luyu henteu jeung kanyataan?
Kacindekan
Topik jeung téma kacida dibutuhkeun pikeun nulis, sabab saméméh nulis
kudu miboga udagan anu tangtu ngeunaan hal anu rék dihontal sabada éta tulisan
dibaca ku batur, hartina topik jeung téma téh méré watesan ngeunaan hal-hal
naon waé nu kudu aya dina hiji tulisan. Dina milih topik jeung téma kudu saluyu
jeung pangaweruh anu dipiboga ku nu nulis, sangkan topik, téma jeung eusi tulisan
téh saluyu jeung naon anu rék ditepikeun.
Ieu jurnal jauh tina kasampurnaan, ku kituna
pamaca dipiharep leuwih ngeyeuban deui materi ngeunaan topik jeung téma.
Lantaran dina prak-prakanana, lamun teu apal harti topik jeung tema éta
sorangan, tangtu hésé dina nangtukeunana, utamana hal-hal anu ngabédakeun
antara topik jeung téma.
DAFTAR
PUSTAKA
Akhadiah, Sabarti, Maidar G.
Arsjad, Sakura H. Ridwan. (1988). Pembinaan
Kemampuan Menulis Bahasa Indonesia. Jakarta: Erlangga.
Gladiys. (April 2010). Perbedaan
Topik, Téma dan Judul. [Online]. Tersedia: http://gladysdizz.blogspot.com/2010/04/perbedaan-topiktéma-dan-judul.html. [3 Oktober 2012]
Keraf, Gorys. (1993). Komposisi. Jakarta: Nusa Indah.
Made, Gusti Ayu. (16 Oktober 2010).
Perbedaan Topik dan Téma.[Online]. Tersedia:
http://gustiayumade.wordpress.com/2010/10/16/perbedaan-topik-judul-dan-téma/
[3 Oktober 2012]
Nurjanah, Nunuy. (1992). Dasar-dasar Tiori Nulis. Diktat Kuliah.
Bandung: tidak diterbitkan.
Rosyadi, A.Rahmat.( 2008). Menjadi Penulis Profesional Itu Mudah.
Bogor: Ghalia Indonesia.
Tahaja, Nisa. (2011). Topik téma
dan kerangka karangan. [Online]. Tersedia: http://nishaniy.blogspot.com/2011/10/topik-téma-dan-kerangka-karangan.html.
[3 Oktober 2012]
Tarigan, Henry Guntur. (1994). Menulis (Sebagai Suatu Keterampilan
Berbahasa). Bandung: Angkasa.
Zainurrahman. (2011). Menulis: Dari Teori Hingga Praktik (Penawar
Racun Plagiarisme). Bandung: Alfabeta.